Carpon: Kuring nu mahiwal

Reza Saeful Rachman

Kuring ngan bisa ngahuleng ayeuna mah. Kuring ngan ukur bisa tumarima ka kaayaan kuring ayeuna. Cicing di bui ngitung poe, ngitung jam. Nungguan iraha vonis paeh nu di putuskeun hakim keur kuring rek di laksanakeun. Asa sakeudeung pisan kuring teh hirup di alam dunya teh. Kuring teu nyaho yen hirup kuring rek kawas kieu.

Asa cik keneh kamari kuring ngadu ka kolot, ulin jeung babaturan, silih asih jeung si neng. Ah, tapi nu geus mah nya keun we sina enggeus. Kuring kudu ikhlas jeung ridho. Da kaayaan kieu teh hasil paripolah sorangan. Lain gara-gara paripolah batur.

Rada kaduhung kadieukeun na mah. Naha kuring teu milih hirup normal jiga batur. Kuring malah ngalakonan hirup nu teu umum jiga batur. Malah aya nu ngomong cara hirup nu jiga ku kuring dilakonan teh kahirupan nu teu dipikaresep ku gusti nu maha suci. Nu miboga alam dunya jeung alam aherat.

Hirup make cara kawas nu kuring dilakonan teh lain kahayang ti leuleutik. Da keur leutik mah kuring teh boga undagan hayang jadi pulisi. Tapi naha geus badag kuring malah gawe di salon. Robah jadi lalaki nu teu normal. Kuring kalah leuwih resep ka lalaki. Bogoh malah. Ceuk batur mah kuring teh kaasup makhluk nu haram kacida. Batur nyebut kuring lalaki homoseksual.

***
Geus 7 taun saprak kuring dibawa mang dedi ka kota. Tapi kuring teu meunang pagawean wae. Tadi na mah hayang diasupkeun ka tempat gawena mang dedi nyaeta di konpeksi. Da saeutik-saeutik mah kuring bisa ngajait. Lain jodona kuring gawe meureun. Pas kuring dek asup gawe pisan, pabrik nu ku kuring rek diasupan kalahka bangkrut. Ceuk mang dedi mah ceunah bangkrutna teh pedah toko na di jarah, pabrikna aya nu ngaduruk. Da pas bareto teh keur raramena penjarahan di jakarta. Nyaeta pas usum tragedi 1998.

Papada nganggur teu boga gawe, kuring saeutik-saeutik mah sok dagang cai jeruk di SD. Kuring dibawaan ku kang yono. Tatangga kontrakan nu sok dagang baso. Jadi anjeunna nu nyayagikeun dahareun terus kuring nu nyayagikeun nginumna. Lumayan aya kana 5 bulanna kuring ngalakonan usaha ieu. Ngan pas asup bulan ka 7, kang yono meunang beja anjeunna kudu balik ka jember, ka kampung na. Ceunah mah budak na nu kahiji geuring parna pisan. Katarajang cacar air ceunah. Nya kapaksa wae kang yono balik. Padahal bareto teh dagangan keur raramena. Uasaha teh keur haneuteun pisan.

Usaha baso teh tuluy di berekeun ka kuring. Kang yono nitip ceunah nepi ka balikna deui. Tapi mun teu balik deui ceunah pek wae eta usaha teh keur kuring. Prak wae dilakonan ku kuring eta usaha teh. Di baturan ku hiji pagawe titinggal kang yono kuring ngajalankeun usaha baso jeung es jeruk tea.

Geus sataun usaha teh, geus karasa kumaha haseumna kumaha paitna usaha teh . Dina waktu 2 taun kuring geusbisa ngumpulkeun duit nu kira -kira mah geus cukup keu meuli samobileun mah. Ngan kuring reuwas kacida pas ningali laci tempat kuring biasa neundeun duit geus acak-acakan. Eusina geus euweuh kabeh, kuring ngajorowok we menta tulung ka si parmin, nu sok babantu di baso. Geus tilu kali ku kuring digeroan si parmin euweuh wae. Geus curiga hate teh. Naha enya kitu nu nyokot duit kuring teh si parmin. Ceug teh pas ditingali ka kamarna, nu ku kuring di pikasieun teh kabukti. Sagala papakean jeung pakakas si parmin geus euwueh. Si parmin kabur bari mawa duit hasil ladang dagang baso. Kuring ngan bisa ngahuleng ku kitu na mah.

Bangkrut kuring mun kacarita mah. Kuring geus teu boga nanaon deui. Kuring ngan bisa hrup ukur nginjeuman duit ka rentenir nu bunga na kacida nyekek pisan. Ngan lantaran kuring butuh, ku kuring dirontok wae eta duit teh. Geus numpuk hutang teh kamana-mana. Kuring geus lieur kudu nginjeum kasaha deui jeung kudu mayar make cara kumaha.

Hiji mangsa kuring kenalan jeung lalaki nu kacida kasepna. Ngaranna anton. Anjeunna pagawe bank nu sok nawarkeun kredit pinjaman ka masarakat. anjeunna nawarkeun duit pikeun diinjeum ku kuring teu di bungaan. Pas kuring nanya iraha ieu duit kudu digantian, anjeunna ngan ngomong santai wae.



***

ayeuna geus nincak 4 bulan saprak kuring nginjeum duit ka anton. Ku lantaran kuring geus nyekel duitna kuring geura-geura ngabejaan anton.

“ton, duit nu ku urang diinjeum tea rek dibalikkeun yeuh. Kuring geus boga gaganti na.”, kuring ngomong ka anton na telpon.

“nya, ke ku anton dibawa duitna!”, tembal anton.

Teu lila ti saprak harita, kuring jadi mineng kapanggih jeung anton. Bakat teuing ku deukeut, kuring kungsi di ajak mondok babarengan, ulin ka pasar baru, malah kuring kungsi mandi bareng jeung anton. Beuki lila kuring ngarasa aya hiji rasa anu beda. Hiji rasa nu ku kuring rasakeun ka si neng bareto. Teu beda jeung kuring, anton ge teu lila netelakeun eusi hatena. Nya eta bogoh ka kuring. Ku sabab ngarasa rasa anu sarua, kuring teu wani nolak maksud anton. Teu lila ti harita kuring bobogohan jeung anto. Ngan ngahaja teu diwawar-wawar ka sasaha, da kuring sadar mun batur apal, pasti batur bakal moal narima. Piraku aya bonggol cau ngadahar bonggol cau deui. Ngan da kuring jeung anto teu paduli deui ka omongan sasaha. Kuring ngan nyaah ka anto, moal paduli omongan batur.

Aya kana sataunna kuring babarengan jeung anto nepi ka hiji mangsa dimana anto ayeuna mah teu jiga bareto. Ayeuna anto leuwih loba teu balikna ti batan balikna. Kuring haying apal naha anto ayeuna bet kawas kitu.

Kuring panasaran hayang apal nanon sababna anto ayeuna kitu ka kuring. Kuring geus niniat poe ieu rek nuturkeun anto. Beh caang nanaonna naha anto bet tega ngantepkeun kuring. Teu jiga bareto pas mimiti kapanggih jeung kuring.

Aya kana opat jamna kuring nuturkeun anto nepi ka hiji tempat. Hiji imah nu teu pati gede, kontrakan jigana mah. Ku kuring di tuturkeun wae anto teh. Kuring noong tina liang nu aya di bilik sisi imah. Kuring haying apal anon nu keur dipilampah ku anto. Kacida kuring reuwasna pas ningali anto keur duduaan jeung lalaki bari bubulucun. Kuring kacida nyeri hatena ningali kaayaan nu jiga kitu. kuring geus teu kuat, kuring haying balik. Keun wae wawales na mah rek di imah wae.

***

Tengah peuting, di hiji rohangan nu poek kacida.
“pek caritakeun kumaha kecap nu anjeun omongkeun ka salaki anjeun saacan maehan salaki anjeun!”, ceuk hiji pulisi.

“kang kuring mah teu narima akang jiga kitu ka kuring. Kuring mah asa teu kuat teuing nahan peupeurih ningali akang bogoh kabatur iwal ti kuring. Kajeun teuing akang ku kuring paehan ti batan kuring nyeri hate!”, ceuk kuring.

Ujungbrung, 2009