OSPEK MAHASISWA KIWARI?

Kamari, simkuring kantos ngaliwatan hiji kampus di daerah kota Bandung. Hate teh sok asa reueus sorangan waktos ningali mahasiswa anyar ting alabring bari dibimbing ku seniorna ngurilingan eta kampus. Sok sanajan katinggalna kitu, naha sok aya wae sasaliweuran jalmi nu nyarioskeun yen kagiatan sapertos kitu atawa nu biasana mah disebut ospek teh, mangrupa hiji kagiatan nu negatip. Kunaonnya sababna? Hayu urang sasarengan ngararat ieu kagiatan tina sagala sudut pandang.

Dina sasih Agustus dugi ka September di sadaya kampus diayakeun kagiatan masa orientasi pikeun mahasiswa nu kakara asup atawa nu leuwih katelah ku masarakat umum mah disebut kagiatan ospek. Kagiatan ieu diayakeun tujuanna nyeta keur ngawanohkeun kahirupan kampus ka mahasiswa anyar, ngabentuk mahasiswa jadi pribadi nu disiplin, jeung ngabentuk mental mahasiswa anyar supaya kuat dina ngalakonan kahirupan kampus keur kahareupna. Tah dina kasempatan ieu urang ngabahas ospek teh naon, ospek nu mendidik teh nu kumaha, penyimpangan dina ospek, ospek nu dipikahayang ku mahasiswa anyar teh kumaha, jeung nu terakhir nyaeta pandangan perkawis ospek ti panitia, tenaga akademis, masarakat jeung hiji deui nyaeta kumaha ceuk mahasiswa anyarna sorangan.

Masa orientasi mahasiwa baru atau nu kasarna mah biasa disebut ospek nyaeta mangrupa hiji kagiatan anu rutin diayakeun ditiap-tiap kampus dina raraga proses penerimaan mahasiswa anyar. Kagiatan ospek eta teh aya nu mandang positif aya nu mandang negatif. Naha kitu? Boa kitu pedah masih aya ospek teh nu make cara nu teu bener. Contona ngalakukeun kekerasan ka mahasiswa anyar.
Cara nu kitu teh kasebut ospek nu teu ngadidik tur ngarugikeun ka mahasiswa anyar. Ceuk sisma ti unpas ,”ospek nu ngadidik mah nyaeta ospek nu teu aya acara ambek-ambekan jeung nyarek-nyarekan.” Tapi saur kang kresna ti sastra sunda upi “pami kekerasan dina ospek the nyaeta kanggo ngawangun mental. Supados apal tur reueus ka budaya sorangan.”

Budaya kekerasan dina ospek lain hal nu anyar. Ceuk sabagaian pendapat, budaya kieu the geus aya ti bareto. Geus aya sababaraha kajadian ospek nu kalah ngarugikeun mahasiswa na. ti mimiti dicarekan ku senior make ucapnu teu pantes, di titah nu teu puguh tur teu asup akal, dugi keun ka kekerasan secara fisik. Aya anggapan senior kitu ka junior na teh pedah hayang heureuy meureun atanapi hayang ngawariskeun hal-hal nu tos kaalaman ku anjeuna pas bareto. Tong kitu ah. Kekerasan dina ospek teh di butuhkeun pisan pikeun ngawangun mental mahasiswa anyar supaya apal tur reueus ka kampus anyarna. Kuring satuju pisan ai dina kitu na mah asal cing apal kana batas-batas. Teu lucu meureun aya korban jiwa gara-gara ospek.

Sugan we kahareupna mah kekerasan dina ospek the bisa leungit sauyunan jeung makin asakna pola pikir mahasiswa zaman kiwari. Nanging leungitna kekerasan dina ospek oge lain jadi hiji hal nu ngahambat atanapi ngaleungitkeun makna nu dihareupkeun tina kagiatan ospek. Malah dina leungitna kekerasan dina ieu, bisa digali deui cara-cara anyar pikeun ngagentos kagiatan nu jiga kitu. Sebat wae ngayakeun acara atawa nitah mahasiswa anyar nu patali jeung penggalian minat jeung bakat na sorangan saluyu jeung jurusan nu dipilih. Atanapi ngayakeun kagiatan nu nyieun mahasiswa anyar langkung peka tur peduli ka civitas akademika na nu sanes. Civitas akademika di dieu teh teu ukur dosen atawa ti rektorat hungkul. Tapi ka senior, jeung ka mahasiswa anyar sejennna. Contona nu dilakonan ku Hima Pensastrada UPI. Anjeuna ngayakeun nu nitah mahasiswa anyar na pikeun nulis carpon atawa karya sastra sejen nu masih aya hubunganna jeung budaya sunda. Satuju tah kuring ku cara nu kawas kieu mah. Salain ngalatih mahasiswa anyar sakaligus ngayakeun kegiatan nu aya hubunganna jeung kalangsungan budaya sunda.

Salain ti cara nu kitu, masih aya keneh sababaraha cara sejen nu diayakeun ku sababaraha kampus. Contona ngayakeun acara outbond babarengan, team building, atanapi leuwih ka acara pelatihan-pelatihan. Tujuan na mah nya masih luyu keneh jeung tujuan ospek mimitina. Nyaeta pikeun ngabentuk mental tur ngawanohkeun kahirupan kampus ka mahasiswa anyar.

Dina ngalakonan ospek, aya sababaraha kagiatan nu teu bisa dipopohokeun ku peserta na. contona nu dialaman ku mario, salah saurang mahasiswa anyar ti universitas maranatha. Anjeunna netelakeun yen gara-gara kagiatan ospek ieu anjeunna janten leuwih peka ka lingkungan kahirupan kampus tur leuwih peduli ka mahasiswa nu sejen. Boh ka nu sapantaran boh ka senior. Tah mahasiswa jiga mario kieu yeuh nu tos ngartos kumaha makna na ngiringan ospek teh. Anjeunna nambahan kagiatan ospek ieu moal bisa anjeunna popohokeun nepi ka iraha wae.

Kasuksesan kagiatan ospek teu bisa leupas ti gawe rampak panitia, peserta, jeung birokrasi kampus. Kasuksesan didinya teh boh dina suksesna acara, suksesna hal nu dijadikeun panuju, boh suksesna ngabentuk mental mahasiswa. “Asa aya hasilna kajeun cape ge ai ngayakeun ospek sukses mah!”, saur dani ti unpad jurusan ilmu pemerintahan. Sukur atuh pami kitu mah. Najan cape najan kurang konsumsi meureun, maranehna taya hambatan pikeun nyukseskeun kagiatan ospek nu ayeuna mah langkung sering kasebat masa orientasi da ospek mah geus dianggap maknana terlalu kasar jeung asa pikasieuneun.

Ospek teh sukses mun sagala hal bisa kalaksana, boh dina ngumpulkeun tugas pas ospek boh atribut nu kedah dianggo ku peserta ospek. Aya hiji profesi nu teu bisa leupas dina kagiatan ospek, cik sadar teu urang teh mun teu aya tukang nu ngical atribut-atribut ospek mah bakal kahambat yeuh dina ngalakonnna na. salah sahijina mang dayat, tukang balon gas nu sok icalan di payuneun salah sahiji lembaga pendidikan di daerah soekarno-hatta netelakeun, “wah cep, pami tos usum ospek mah mang teh rada marema icalan teh”. Tah kitu atuh, jadi ospek teh teu berguna keur lingkungan lembaga pendidikan wungkul tapi mawa kamajuan oge pikeun lingkungan masyarakat.

Moal aya tungtungna mun terus ngabahas masalah ieu, mung kapayunna urang sarerea miharep kagiatan ospek ieu teh mawa mangfaat ka sagala pihak. Boh ti pihak lebet atanapi pihak luar. Jeung kahareupna mah sugan wae aya cara-cara sanes nu langkung mangfaat. Nu masih aya hubunganna jeung kalangsungan budaya, lingkungan, jeung sajabana. Sugan wae ke mah aya ospek teh nu agenda na meresihan walungan cikapundung. Sugan. (Reza saeful rachman)